Sabtu, 12 Mei 2012

Sisindiran Sunda, Pantun Lebaran, Idul Fitri, Pantun Sunda


  • 1. ngaborong doran jeung hayam
    diparaban sampeu atah
    wilujeng boboran siam
    mugi urang wangsul fitrah
  • 2. boh bilih ngical kalapa
    candakna nganggo carangka
    boh bilih kalindih murka
    muga kersa ngahampura
  • 3. boh bilih ka Sukajadi
    ulah hilap meser roti
    boh bilih kalangsu dengki
    muga kersa ngamaklumi
  • 4. salami di Sukajadi
    teu ningalkeun kuring salat
    Salami urang pahiri
    urang silih pundut maaf
  • 5. lamun kuda mirip itik
    loba jalma lalumpatan
    salami urang kumelip
    tangtos seueur kalepatan
  • 6. cecendet mande kiara
    dijualan make panci
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi ingkar janji
  • 7. mun cecendet mande kiara
    gera cokot hiji-jiji
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi nganyenyeri
  • 8. mun indit ka Sukmanah
    ulah poho ka Pa Lurah
    mugi anjeun jembar manah
    sabab kuring niat pasrah
  • 9. hirup kumbuhna manusa
    tangtu kungsi haramjadah
    kuring pasrah tumarima
    laku lampah teu merenah
  • 10. meuli kacu ejeung gincu
    mawana bari disuhun
    rumasa ngagugu nafsu
    matak kuring nyuhun ampun
  • 11. mun indit ka Ujungberung
    bari mawa awi tali
    rumasa kungsi ngaberung
    mugi Gusti kersa nampi