Senin, 30 April 2012

MIMITI MASANTREN

Jang Ibro mimiti masantren. Manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. Atuh rada bingung. Nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.

"Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?"

"Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak..."jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.

"Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?"
"Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap..."