Senin, 30 April 2012

SeMeSan

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"