Sabtu, 12 Mei 2012

Nini Mabuk Token

Wanci janari ci remis mimiti sila di pipir dina dangdaunan di sabudeureun imah. manco ngabageakeun para malaikat. Karasa tiis nyecep kana tulang ngeukeupan nu rek hudang."Alhamdulillah...astaghfirulloh" kocap si nini sawatara nurunkeun dampaal suku kana ubin.Jetrek mencet saklar ngahurungkeun listrik tengah imah. Bray caang jalan ka kamar cai. Ngeteyep lempang ngadekeutan panto cai.

Loba karumasaan hirup teh. Ku Alloh tos dipaparinan umur  panjang. Cacak-cacak hirup sakieu ayana tapi alhamdulilah pinuh ku kasugemaan. Barudak geus rumah tangga. incu ngajajar nambahan turunan. Pinuh karumasaan hirup teh. Alloh parantos maparinan sagala kanikmatan. mun diitung dibentang  ti masyrik ka maghrib moal katuliskeun. moal katuliskeun najan mangsi pulpen ditambah sagalon salautan. Gulusur si nini ngamparkeun sajadah, masrahkeun jiwa raga ka hadirat ilahi robbi. sumujud ka Yang Agung.

Sabada aweh salam ramona nyekel pageh gulungan tasbe. "Astaghfirulloh....astaghfirullohal 'adhim" jerit bathin si nini ngaistighfaran dirina. Dirina nu salila kumelendang di alam dunnya rasa rumasa loba dosa. "Rumaos Ya Alloh seueur lengkah sin kuring anu salah"... pami sanes rohmat Anjeun tangtu kuring geus pangheulana kaazab siksa. Cacak-cacak ibadah kuring sakieu mampuna Anjeun tetep teu petot-petot ngarungkupan ku kadeudeuh.

Lila pisan si nini aniprek dina sajadah. nyawang waktu nu geus kasorang.... narawang saat nu bakal datang. "Aki... ku nini didoakeun... sing bagja di alam barzah...sing aya dina kamulyaan"
Basa aki can ngantunkeun mulang ka asal, mung wanci janari pangeusi imah panggung saung butut aki nini paheuyeuk-heuyeuk munajat ka Rob nu murbeng alam.

Saterasna si nini ngaderes Al-Qur'an. Najan lampu neon caang tapi aya masalah dina soca. Tempel ku kacapanon duka min sabaraha. Saayat dua ayat sasurat dua surat sanepina dugi adan subuh. Keur khusyu tadarus reup pareum lampu neon, jero imah jadi poek mongkleng. "Innalillahi wa inna ilaihi rojiun....."
(Cag heula carita Si Nini Mabuk Token (part 1) insa Alloh dilajengkeun di sanes waktos.... tos